RAJJAH SILIWANGI
01 Jun 2020

HALEUANG KATINEUNG KURING


Emm Ki Lengser, pang haleuangkeun Kuring hariring pang geuing hate, nu kiwari nu tos di wanci ku kedalna nu maha Kawasa nu murbeng alam, niti wanci anu kiwari ngeclak jagad pasini panineung Kuring, kedalna mapag handeuleum sieum natrat ati panineung kuring, sareng katagih janji ku tos nitis tulis jagad raga taya nu bakal ngageuing incu anaking, najan peunting nu tos jempling mepeling nu tilem samporetna wengi, bakal nyambuang wangina kedal ngahurap hirup basa pasini janji nu nyambuang ka alam panyawangan, nu bakal mapag panitis bagea sumping kahariring ku haleuang ka papag kukarundayan Jala sutra suci, pikeun bekeleun sajeroning rumingkang dibarengan sareng ditaratas ku pangbeungkeutan pangabisa pieling eling pangaweruh, anu taya tandinganana moal medal moal pakumaha saestuning tiis tumitis cai suci wangi Siliwangi, bral anaking sajeroning lumaku disirep ku panetep antep nu di tutur-tutur ku para Leluhur kanggi medalkeun kahoyong ti Para Sepuh sareng Pinisepuh, tos wayahna sanajan beurat lumaku sareng milampah pangeling sing garupay tumanda tanda ngeclak hak waris tos Ngancik dina wancina moal owah moal obah, sok geura kulibek seuweu siwi lemah cai Padjadjaran nu moal bakal jalir tina janji, moal ingkah bakilahan, sanajan teu paamprok jonghok, moal pahili ati suci Padjadjaran nu kiwari jadi ngahiji deui, anu ngajadikeun Pasundan Lohjinawi Bunga mekar sajeroning gapuraning Rahayu, Rahayu Waluyaning jatining ati. jatining hirup Sareng hibarna Nurcahya Illahi Robbiyy, sejatining jagad lumaku "Sang Cangkok Wijaya Kusumah Nusantara Raya, Aamiin ya Allah ya Robbalalaamiin.



Jaja Juharja

Salam Siliwangi Terakhir.

Salam Cangkok Wijaya Kusumah Menggapai Seroja.